Kecap Rajékan - Basa Sunda

Kecap Rajékan

Kecap Rajékan téh nyaéta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih kecap dasar atawa asalna. Wangun kecap rajékan téh ngawengku kecap rajékan sagemblengna jeung sabagian.

1. Kecap Rajékan Sagemblengna

Kecap rajékan sagemblengna nyaéta kecap rajékan nu di wangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih sagemblengna kecap dasarna, boh robah sora boh henteu.

a. Dwilingga (kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna), ngawengku:

- Dwimurni (teu robah sora), contona: ibu-ibu, barang-barang, imah-imah, jrrd. 

Conto kalimahna, Kabeneran buruan di hareupeun masjid teh lega jadi mobil-mobil anu datang bisa diparkir di hareupeun masjid (mobil-mobil).

- Dwiréka (robah sora), contona: tulas-tulis, bulak-balik, unjam-injeum, jrrd.

Conto kalimahna, Ari keur lempang teh ulah sok luak-lieuk ka mana wae bisi titajong (luak-lieuk).

b. Trilingga (kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut tilu kali kecap dasarna), contona: dar-dér dor, brang-bréng-brong, hah-héh-hoh, jrrd.o

Conto kalimahna, Sora anu keur masak di dapur teh meuni rame trang-treng-trong (trang-treng-trong).


2. Kecap Rajékan Sabagian

Kecap rajékan sabagian nyaéta kecap rajékan nu diwangun ku cara nyebut dua kali sabagian kecap dasarna, boh robah sora boh henteu.

a. Dwipurwa (kecap rajékan sabagian nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti kecap dasarna), contona: dudupak, tatajong, sesentak, jrrd.

Conto kalimahna, Eta budak teh ceurik bae, ceunah hayang meuli momobilan (momobilan).

b. Dwimadya (kecap rajékan sabagian nu diwangun ku cara nyebut dua kali engang panungtung kecap dasarna), contona: sababaraha.

Conto kalimahna, Ari anu sok nyieun dekorasi keur hajatan mah geus biasa digawe sapeupeuting nepi ka isuk-isuk (sapeupeuting).



Wasta : Lisna Wati

Kelas : XII IPA 3




Komentar

Postingan populer dari blog ini

UNSUR INTRINSIK NOVEL SUNDA

sisindiran sunda