UNSUR INTRINSIK NOVEL SUNDA
( Unsur Intrinsik dan Sinopsis Novel Baruang Ka nu Ngarora )
Baruang Ka nu Ngarora
Pangarang : D.K Ardiwinata
Panerbit : Rahmat Cijulang
Tema : ngahasut atawa baruang
Latar :
latar tempat : dibumina nyi piah,ujang kusen,aom usman,abdullah,
didesa nyi piah sareng ujang kusen tinggal,sareng di kebon kopi
latar waktu : sakabehan waktu aya
latar suasana : bungah,sedih,tegang,emosi
Galur : maju
Sudut pandang : urang katilu serba nyaho
Gaya basa : ngagunakeun bahasa sunda halus
Palaku :
Nyi Rapiah
Ujang Kusen
Aom Usman
Haji Abdul Raup
Istri haji abdul raup
Haji Samsudin
Istri haji samsudin
Haji banisah
Nyi dampi
Agan ali
Abdullah
Haji Tayib
Amanah
Sing jadi jalma teh tong gampang di hasut ku urang lain,sok boga pendirian nu kukuh sareng nyerahkeun diri ka nu ngabogaan hirup.
Sinopsis
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina haji abdul raup meuni rame pisan,kulantaran anakna nyaeta nyi rapiah rek di lamar ku ujang kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.
Tiba tiba dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta,akhirna nyi piah kabur sareng abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita nyi piah sareng ujang kusen teh papisah anu akhirna nyi piah nikah ka aom usman lalaki nu dipicinta nyi piah,tapi teu lila nyi piah di candung ku aom usman,ceurik weh nyi piah kulantaran nyesel ninggalkeun ujang kusen demi aom usman. Tapi nyi piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna di candung. Sami jeung nyi piah,ujang kusen ge jadi jalma nu teu bener senggeus papisah jeung nyi piah,sok maen awewe jeung ngadu,akhirna kulantaran sikapna nu kos kitu ujang kusen di bui.
Komentar
Posting Komentar