sisindiran sunda

Wasta : Lisna Wati
Kelas : XI IPA 3

Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

Contona paparikan:

Boboko ragrag di imah
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun

Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna

Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana

Leumeung teundeut cocongoan
jalanna ka Rajagaluh

meungpeungdeukeut sosonoan

jaga mah urang pajauh

Wawangsalan
Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa.

Conto wawangsalan :
• Teu beunang di hurang sawa,teu beunang dipikameumeut: hartina ‘Simeut’
• • Belut Sisit saba darat kapiraray siang wengi: : harti ‘ Oray’
• Teu beunang di rangkong kolong,teu beunang dipikahayang : hartina ‘Hayam’

Rarakitan

Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit).
Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. 

Conto rarakitan :

Mihapé sisir jeung minyak
Kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat
Kadé kaangsonan deungeun.

Kuring mah alim ka Bandung
hayang ka Sumedang bae

kuring mah alim dicandung
hayang ku sorangan bae


Majar maneh nganyam samak
Rek neukteukan bari motongan

Majar maneh neang anak
Rek ngadeukeutan popotongan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kecap Rajékan - Basa Sunda

UNSUR INTRINSIK NOVEL SUNDA