Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2021

Kecap Rajékan - Basa Sunda

Kecap Rajékan Kecap Rajékan téh nyaéta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih kecap dasar atawa asalna. Wangun kecap rajékan téh ngawengku kecap rajékan sagemblengna jeung sabagian. 1. Kecap Rajékan Sagemblengna Kecap rajékan sagemblengna nyaéta kecap rajékan nu di wangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih sagemblengna kecap dasarna, boh robah sora boh henteu. a. Dwilingga (kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut dua kali kecap dasarna), ngawengku: - Dwimurni (teu robah sora), contona: ibu-ibu, barang-barang, imah-imah, jrrd.  Conto kalimahna, Kabeneran buruan di hareupeun masjid teh lega jadi mobil-mobil anu datang bisa diparkir di hareupeun masjid (mobil-mobil). - Dwiréka (robah sora), contona: tulas-tulis, bulak-balik, unjam-injeum, jrrd. Conto kalimahna, Ari keur lempang teh ulah sok luak-lieuk ka mana wae bisi titajong (luak-lieuk). b. Trilingga (kecap rajékan sagemblengna nu diwangun ku cara nyebut tilu kali kecap dasarna), contona: dar-dér d...