sisindiran sunda
Wasta : Lisna Wati Kelas : XI IPA 3 Paparikan Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan: Boboko ragrag di imah Ninggang kana pileuiteun Mun bogoh montong ka sémah Ari anggang sok leungiteun Ka kulah nyiar kapiting Ngocok endog bobodasna Ulah sok liar ti peuting Osok loba gogodana Leumeung teundeut cocongoan jalanna ka Rajagaluh meungpeungdeukeut sosonoan jaga mah urang pajauh Wawangsalan Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi ku...